2 Samuel 16
Sanggeus Daud majeng deui saeutik liwat pasir, hol Siba gandek Mepiboset, mendakan, mawakeun kalde anu dimuatan roti dua ratus siki, anggur kering saratus ranggeuy, buah anggur seger saratus ranggeuy, jeung cianggur sakantong kulit pinuh.
Daud mariksa, "Eta babawaan jang naon?" Ceuk Siba, "Sumuhun, kalde kanggo titihan pala putra, roti sareng bubuahan kangge anu ngariring, cianggur kangge ngalaleueut engke di tanah gurun."
Saur raja, "Ari Mepiboset incu Saul juragan maneh di mana?" Jawab Siba, "Sumuhun di Yerusalem, margi yakineun yen karajaan Saul eyangna ku urang Israil bakal diserenkeun ka anjeunna."
Dawuhan raja ka Siba, "Ari kitu mah harta milik Mepiboset cokot ku maneh, piboga." Pihatur Siba, "Sembah hatur nuhun. Mugi abdi salamina mendak kurnia ti Gusti."
Sanggeus sumping ka Bahurim, Raja Daud dipegat ti kajauhan ku Simei bin Gera, hiji ahli Saul. Simei nyumpahan
bari ngabaledogan ku batu ka Daud jeung pangiringna, teu tolih ka para gegeden jeung pangawal anu ngaping.
Nyumpahanana, "Jor geura kabur! Si tukang maehan! Si jahat!
Bareto maneh ngarebut karajaan Saul. Sakitu lobana ahli-ahli Saul anu dipaehan ku maneh. Ayeuna tibalik, maneh dihukum ku Allah. Karajaan maneh ayeuna ku PANGERAN diselehkeun ka Absalom, anak maneh sorangan. Sukur pisan maneh cilaka, sukur! Si tukang maehan!"
Abisai putra ibu Seruya unjukan ka raja, "Gusti, bade sabar bae ka eta anjing anu gagag-gogog nyarekan ka salira Gusti? Urang teukteuk huluna ku abdi!"
Raja ngawaler ka Abisai jeung Yoab rakana, "Lain urusan maraneh. Lamun nyarekanana ka kami teh geus kersaning PANGERAN, saha nu bisa ngahulag?"
Dawuhanana deui ka Abisai jeung ka para ponggawa, "Anak kami sorangan rek maehan ka kami, naha maraneh make heran ku kalakuan eta urang Binyamin? Keun bae sina nyarekan ka kami, da PANGERAN anu miwarang kitu.
Ngan muga-muga ieu kabalangsakan kami nepi ka dicarekan kieu ku batur, ku PANGERAN digentos ku kabagjaan."
Daud jeung sapangiringna neruskeun lumakuna. Ari Simei terus bae nutur-nutur ti sisi pasir, teu eureun-eureun nyumpahan bari ngabenturan ku batu jeung ngawuran ku taneuh.
Sanggeus sumping ka sisi Walungan Yordan, Daud sapangiringna ngareureuh heula bawaning ku cape.
Absalom lebet ka Yerusalem jeung urang Israil anu ngariring, kitu deui Ahitopel.
Jol Husai mitra Daud ngadeuheus ka anjeunna, seug nyora tarik, "Wilujeng raja! Wilujeng raja!"
Ku Absalom dipariksa, "Kumaha bejana Daud sobat andika? Geus ditinggalkeun? Ku naon teu milu ka sobat?"
Saur Husai, "Paliyas, Gusti! Jisim abdi sumeja sumeren diri ka raja anu diangkat ku PANGERAN, ku ieu jalmi-jalmi, sareng ku sabangsa Israil. Jisim abdi sumeja ngiring ka Gamparan.
Kalih perkawis, ka saha deui nya kedah kumawula upami sanes ka putra jungjunan abdi?"
Geus kitu Absalom malik ngalahir ka Ahitopel, "Urang parantos aya di dieu, kumaha saterasna? Cobi nyuhunkeun pirempag."
Ceuk Ahitopel, "Ayeuna mah cobian bae heula parekan-parekan tuang rama anu ku anjeunna dikantun sina tunggu karaton tea, supados sadaya urang Israil terang yen Gamparan nangtang ka rama, supados maranehna tambih kawani."
Ti dinya Absalom dipangnyieunkeun sasaungan di luhur karaton. Seug parekan-parekan ramana teh ku Absalom kabeh digadabah di dinya, dilalajoanan ku saban jelema.
Mangsa harita sagala nasehat Ahitopel ditarurutna teh kawas kana pangandika Allah bae, boh Daud boh Absalom kacida tumutna.